Selasa, 29 April 2014

SUNDA NU URANG



SUNDA NU URANG
 
MILKISTYA Y E
MangsA nguping basa barudak kiwari
Aya rasa hariwang jeung kamelang
INGGIS tumpur basa urang
BASA SUNDA nu dipikacinta

ISIN cenah nyarios make basa urang
GAYA cenah make basa gaul
Inggris komo asa agul
Naa dimana atuh rasa rumasa urang sunda

Sok padahal basa urang
Lamun seug ditengetan kalawan daria
Halimpu galindengan
Leleb anteb ka kupingna
Payus jeung entep seurehna